Sakawitna, ieu kamus teh disusun dumasar kana kaperyogian enggoning ngajarkeun basa Sunda di sakola. Margi kabuktosan, para siswa teh kirang nyangking kabeungharan kecap basa Sunda anu jembar. Malih dina sawatawis kecap mah langkung mikawanoh kecap basa Indonesiana tibatan kecap basa Sundana Namung, dina sawatawts paguneman sareng paraguru basa Sunda sanesna, diantawisna nalika lumangsungna Ko…